Laman

Rabu, 09 Juni 2010

Malarindu Demam Asmara


Gusti… Anging Anjen jung-junan mustika ati, hapunten ieu hate teu bisa dibébénjokeun, abdi sono ka manehna! Di mana atuh manéhna ayeuna? Sedengken abdi…panutannana nu teu weléh satia nganti manéhna. Kembang-kembang katresna nu keur mangkak karembangan jadi rawayan marudahna rasa, rasa nu dahaga ku kadeudeuh jeung katresna manéhna. Tapi…najan kitu gusti, kacinta abdi ka Anjeun lir cintana Bani Udroh, Moal aya nu nandingan. Najan Méh unggal peuting manéhna kaimpi-impi, beurang kapincangcam. Sagala nu kungsikarandapan, teu weléh ngancik dina ati, ngalangkang dina kongkolak mata. Rumaos Gusti…abdi kapentang panah asmara, kabéngbat ku pamor manéhna.
Tapi tetep, ayat-ayat Anjeun nu gumebyar, sumebar salam dunya anu bias meper haté abdi nu marudah. Gusti, hapunten…naha Anjeun bendu? Kusabab abdi teu ngalakonan sabda Anjeun, malem Minggu kamari ieu abdi teu sumujud, nepangan Anjeun? Teu aya sakedik ogé niat abdi kanggé jalir jangji sumujud ka Anjeun. Gusti…Anjeun disimpen dina haté abdi nu pangsucina. Haté abdi nu garing lir Gurun Sahara, saminggu kamari kapaksa teu nepangan salira, kumargi abdi kasumpingan tamu ti Cibeureum. Gusti…ulah timburu, da abdi sanés badé dijodokeun, tapi abdi ngalakonan fénoména alami salaku kaum hawa.
Gusti…wengi kamari abdi macaan deui ayat-ayat Anjeun. Anu diantara eusina pinuh ku mamanis, matak gumulung dina jajantung, gumalinding dina ati, meruhkeun hate nu keur tibelat. Gening Anjeun, “jangji ngabagjakeun sing saha baé didunya jeung ahératna, ngalebetkeun kana éndahna nirwana, ka sing saha baé nu tumut kana sagala paréntah kuring.”
Haté abdi léah…bungangang asa kagunturan madu, jangji rék ngalakonan naon waé anu diparéntahkeun ku Anjeun. Dina lalayang salajengna Anjeun nyebatkeun, “Sabar sabagéan tina iman.”
Gusti…. Anjeun langkung uninga kana sagala rupi nu karandapan ku abdi. Abdi nuju kénging dodoja ti jajaka nu ku Anjeun parantos salira dipundut, mulih ka jati mulang ka asalna. Tapi clik putih clak hérang jatining padang, abdi ridho lillahi ta’ala kana sagala rupi nu karandapan, kalebet dipundutna manehna ku Anjeun. Abdi ngabdianging ka Anjeun, abdi nu teu daya teu upaya, ukur bisa pasrah sumerah sadrah kana sagala pastén Anjeun.
Gusti… Jungjunan abdi, kacinta abdi ka Anjeun moal ngurangan ku tingjelebétna ombak kanyéri, nu neunggar mapaésan romantika kahirupan abdi. Sabab abdi yakin Anjeun hiji-hijina Arjuna nu patut ku abdi dipikacinta.
Gusti… Jungjunan abdi, dina lalayang nu sanésna, Anjeun nyarios yén, “papas dunya nu pangéndahna lain inten atawa permata, tapi istri nu sholéhah.”
Haté abdi bungah tanwates wangen mun abdi tiasa kalebet istri nu dicarioskeun ku Anjeun. Tapi, éh…naha tiasa kitu? Apanan dosa abdi sakitu ageungna, langkung seueur tibatan budah lautan, langkung luhur tibatan gunung nu panglujurna. Tapi saur ayat Anjeun nu nembé dibaca, kaunggel yén Anjeun lautan pangampura. Haté abdi bungangang, gilig rék merik pangbibita salira, nyaéta éndahna nirwana.
Gusti….cimata abdi, baseuhna biwir abdi, bodasna mukena nu nutup sakujur badan abdi ayeuna, jadi saksi kacinta abdi ka Anjeun. Runtuyan tasbéh nu dikuwel-kuwel jadi kalkulator dzikir abdi ka Anjeun. Agréngna Masjid Barturohman di caket pangindekosan abdi, jadi tempat mudalkeun kasono abdi ka manéhna, ngaliwatan dzikir abdi ka Anjeun.
Tit…tit…tit! Sora alarm ngiberan jam tilu peuting. Lalaunan sirah Aisyah dicengkatkeun, panonna rambisak. Sentug! Barang rét nempo poto beubeureuhna nu gagah di saragam TNI, di tengahna aya tulisan “ Wangsul ti Acéh, abdi badé ngalamar salira. ”
Ayeuna, geus genep bulan euwueh iberna. Kajadian mangsa ka tukang narémbongan deui lir pilem diputer dina kongkolak panon.
“Téh…ieu bilih sono!” pokna harita, bari ngasongkeun poto. Ragamang leungeunna kana peupeuteuyan, celengok di cium, tuluy ngaharéwos, “Téh, wangsul ti Acéh, Akang badé ngalamar. Antosannya! Teu kénging nyéléwér!”
Haneut karasa ambekanna, Aisyah bati ngabetem, teu kuat nahan piceurikeun nu geus nyelek na tikoro, tuluy unggeuk cirining panuju. éta pisan nu didagoan ti baheula.
“Yu, nya! Tong nangis, Geulis…,” pokna bari ngusapan. Leungeunna dilesotkeun, kakara gé sapuluh méter, reg manéhna eureun, tuluy malikkeun awakna. Nyeh…manéhna imut meni kareueut! Bari gugupay, matak nutug kana jajantung. Teu nyangka éta bakal jadi imut panungtung. Aisyah males imutna, ngan cimata teu bisa ditahan, kalah bedah. Bandara jeung ratusan tentara séjénna jadi saksi jangji pasini dua nonoman.
Gusti…mana atuh jangji manéhna téh? Jangji rek bébér layar tarik jangkar ngambah sagara kahirupan, paguneman padungdengan antara batin duaan. Silih asah, silih asih, silih asuh jeung silih tepungkeun udagan nu jadi panyileukan, muru rumah tangga nu sakinah mawaddah warohmah, ngiket gurat duriat.
Gusti…naha Anjeun aya ku téga nurih haté abdi, nu meungkeut pageuh éta jangji, pamohalan Anjeun uninga kana sucina haté abdi mikatresna manéhna.
Hiliwirna angina peuting ngusapan haté nu keur raheut, kaserang demam asmara, tuluy nangkeup poto nu keur anteb diteuteup, laju eunteup dina pangsujudan.
Gap, poto beubeureuhna té ku Aisyah dibalikkeun, pangangguran manéhna maca gurat uritna, “Almarhum Wawan, korban Tsunami.”
Gebut, Aisyah sujud. Aya nu haneut karasa dina pipina, “Gusti…hapunten abdi, kiatkeun haté abdi…ulah dugi ka kacinta abdi ka manéhna ngéléhkeun kacinta abdi ka Anjeun…Gusti.”***

2 komentar:

Widia Maniez mengatakan...

Duh gusti...
Meni indah basa teh...
Echi jago basa sundana!
Lebih jago deui ngarangkai basa na.
Subhanalloh pisan...

Echi Fauzi mengatakan...

Alhamdulillah teh...

Maenya we att, lahir d tanah sunda..
Seumur hidup pun tinggal d lingkungan sunda...
hehe..
nuhun pisan teh..